Hand Phone

  • This is Slide 1 Title

    This is slide 1 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

  • This is Slide 2 Title

    This is slide 2 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

  • This is Slide 3 Title

    This is slide 3 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

Senin, 28 November 2016

KADUHUNG



                                                KADUHUNG
Dina hiji poe babaturan abdi teh mawa hp ka sakola,padahal mah di sakolateh aya peraturan amun siswa  teh dilarang mawa hp ka sakola.Tapi babaturan abi teh lada degel ,meneh namah kalah mawa hp ka sakola.

Pas poe rebo abdi jeung babaturan sakelas keur olahraga jeung pak guru.Ari abdi jeung babaturan  abdi nu lain mah olahraga ,Tapi si Nia mah kalah ka jero kelas bae sabari ngomean hp.

Abdi teh mere nyaho ka si Nia amun ulah mawa hp bising ke di cokot ku guru,tapi si nia kalah mamarahan ka abdi .”Nia hayu olahraga ka lapangan”.abdi ngajak sini Nia olahraga .”gera ti heula bae lah”si Nia ngajawab bari ngomean hp.
Abdi balik ka lapangan ,abdi jeung babaturan anu lain sieun bising  si Nia kanyahoan ku guru amun mawa hp.tapi poe eta si Nia masih beruntung ,soalna manehna teu ka nyahoan lamun mawa hp.

Jagisukna si Nia mawa hp deui.Si Nia teu boga ka sieun padahalmah kan peraturan sakola ngalarang mawa hp .Kabehanmah maca buku pelajaran tapi si Nia mah kalah ngomen hp bae.Abdi jeung babaturan abdi keheul ka si Nia .Si Nia mah mun dibejaan ngalawan bae.padahalmah jeung kabaikan keneh.

Mulai ti poe harita abdi jeung babaturan abdi moal bakal medulikeun si Nia deui.Lesteuing amun hp manehna di cokot ku guru geh.lagian si Nia mah lamun dibejaan ngabantah jeung sabodo bae.

Pas poe senen karak si Nia teh teu mawa hp ka sakola,meureun manehna sadar jeung sieun bising kanyahoan ku guru.Abdi nanya ka siNia kunaon teu mawa hp”Nia tumben teu mawa hp”si Nia ngajawab “ke bae ieu mah poe senen”.Abdi kaget sugan mah si Nia teh sadar horengan kitu keneh.

Pas jagisukna yaeta poe salasa si Nia teh horengan mawa hp deui .Si Nia keur ngomean hp dijero kelas pas pelajaran sakola keur kosong .pas kitu abdi jeung babaturan abdi arek nyokot tugas ka kantor .Pas balik ti kantor abdi mere nyaho si Nia pang ulah ngomean hp bae soalna di bere tugas ku pak guru,pak guru keur aya rapat jeung pak kepala sekolah.tapi siNia mah ngomean hp bae.

Nu lain mah na lulis tugas si nia mah tekaur musikan bae dina hp .Abdi jeung babaturan abdi ngarasa ka ganggu sabab kami teh keur nulis tapi gandeng ku suara musik dina hp si Nia .Pas pelajaran angges trus aya bel istirahat abdi jeung babaturan abdi jajan ka kantin.Tapi si Nia mah heunteu istirahat,maneh namah di jero kelas bae bari ngomean hp.

Bel sakola berbunyi abdijeung babaturan sok ka kelas .Tapi si nia mah kalah kaluar kelas.Ngomong namah si Nia mah rek ka kamar mandi.pak guru asup ka kelas trus pak guru ngabsen ,pas nia diabsen si nia can aya bae,pak guru nanyakeun kamana si Nia,abdi ngajawab tadi si Nia ngomong k abdi rek ka kamar mandi .Tapi can aya bae.Pelajaran pun dimulai tapi si Nia mah can aya dikelas.

Pas pelajaran rek angges si Ni karek asup ka kelas trus pak guru nanya ka Si Nia ,si Nia teh timana bae kunaon karek asup ka kelas ,si Nia kalah cicing heunteu ngajawab pertanyaan ti pak guru.pak guru nyarekanan si Nia .Trus lamun sakali deui ngalakukeun kasalahan anu kadoang tadi si Nia bakal di kaluarkeun amun pas pelajaran pak guru jeung moal dibere nilai bae gan pelajaran pak guru .Si Nia ngan nganggukeun huluna jeung benget beureum.

Abdi jeung babaturan anu lain neuleukeun si Nia anu keur di carekan ku pak guru.Abdi rada karunya ka si nia tapi emang salah jeung kudu dipagahan ku pak guru.SiNia ngarasa isin sabab tas dicarekan ku pak guru siNia balik bareureum beungeut.

Jagisukna si Nia ka sakola mawa hp deui.Mimitinamah abdi teu nyaho amun si Nia mawa hp ,Abdi nyahona pas pelajaran geus dimulai .pas Bu ipah asuk ka kelas rek ngajar pelajaran ipa.Pas bu Ipah nerangkeun pelajaran pas kitu hp si Nia nyawara.si nia kageteunpas kitu bu ipah nanya saha anu mawa hp ,pertama namah si Nia teu ngaku ,Bu ipah ngarasa keuheul sabab euweuh anu ngaku saha anu mawa hp .Pas kitu kabeh tas kantong baju diperiksa ku Bu ipah.pas kitu eta hp teh ditimukeun dina tas si Nia si Nia barerem bengetna  hp na kanyahoen ku bu Ipah.hp si Nia di sita ku bu ipah ,si Nia mohon-mohon ka bu Ipah hp na ulah di sita,ceuk bu ipah si Nia kudu di panggil orang tuana.Amun orang tuana si Nia teu datang bae kasakola hp si Nia moal di bikeun .si nia mohon-mohon ka bu ipah amun hp ulah di cokot ku otang tua na.si nIa ngomongna ka bu ipah amun si nia bising dicarekanan ku ema.Tapi bu ipah tetep kekeh amun orang tua si Nia teu ka sakolaan hp moal bakal dibikeun.

Pas si nia balik sakola trus manehna bebja ka emana hpo maneh na di bawa ku sakola,trus di si Nia dicarekan ku emana  cek ema na si nia teh nyieun isin kolot bae.si Nia mohon ka emana ,emana kudu kasakolaan pang hp si nia bisa dikembalikeun.
Pertamanamah ogeh nyokot hp ka sakolaan ja emana isineun ku guru-guru di sakolaan.Tapi si nIa truys maksa bae ka emana .si Nia janji ka emana amun hp kembali si nia moal bakal mawa hp ka sakolaan deui.terus cek emana mun si Nia teu nepati janjina ,misalkan hp si Nia dicokot deui ku guru ema si Nia moal bakal daek nyokot hp ka sakola.

Pas kitu emana si Nia daek nyokot hp ka sakola .Tapi awas amun si Nia ngalanggar kana janjina .cek  ema si nia.Pas kasakolaan emana si nia ngahadap ka bu ipah .Trus emana si nia diomongan ku bu ipah si nia teh di sakola na rada degel jadi emana si nia di titah ngajaran si nia dina perilakuna di imah ,soalna si nia teh padahal geus loba anu nyaho amun sok mawa hp.Hp si Nia diberekeun kla emana,cek bu ipah amun sakali deui sinia mawa hp ka sakola ,eta hp moal bakal diberekeun ka sinia amu can lulus sakolana.













Si nia ngarasa lega ,Tapi ngarasa kaduhung geh sabab maneh na teh acan pernah ngadengekeun  nasehat batur jeung teu disiplin kana peraturan sakoala .Manehna janji amun bakal berobah ,bakal disiplin kana peraturan sakola jeung moal bakal mawa deui .
Amanat
Urang kudu taat kana peraturan sakola pang disiplin.          

Kamis, 15 September 2016

NUPIKASEDIHEUN



Tema   : NUPIKASEDIHEUN
Judul   : SI UDIN RAG-RAG DINA SAPEDAH DRAG

Si Udin teh jalmina hese di atur kana kolot maneh na sorangan geh, setain di nasehatkeun manehna mah moal ngadangu masa bodokeun bae, ku babaturan ge sok di sebut adigung. Si Udin mimiti rag-rag dina sapedah teh, pas balik sakola, maneh na langsung bae ulin teu langsung dahar, sholat geh henteu ngan ukur nenden tas jeung sapatu doang, teu lami babaturanna mamawa sapedah drag nu tos di bagusan. Udin teh langsung ngajak balapan jeung lembur sabelahan nana manehna, pas rek balap Udin teh songong ti heula. Pas jam 2 lewat si Udin balapanna, di jalan kadukaweng suasana na rarehe teu aya sasaha (jempling) ngan ukur budak leutik nu rek ningali balapna. Bari tarohan duit 10.000 an pas keur balap Udin teh rag-rag kana susukan, maneh na lalecetan bari jejeritan ngarasakeun ka nyeri. Teu lami maneh na indit ka rompok maneh na aya indung na sorangan doang.
“Udin kunaon maneh teh lalecetan kitu.”
“Teu ma Udin teh rag-rag dina sapeda drag”,
“Sapedah saha din ja Udin mah teu gaduh sapedah drag”
“Sapedah babaturan Udin ma”
“Mantakna cuan din ari mawa sapedah teh, ulah bari lalagaan,”
“Udin teh bari lalagaan ma”
“Ari eta kudu kumaha deui coba mun teu bari lalagaan mah,”
“Bener ma” geus kumaha Udin bae”
“Obatan heula tah”
“Nya ma.”

Udin teh pas keur ngobatan, eman teu mere beja kana indung na, padahal maneh na balapan bari tarohan duit 10.000 an. Saenggeus ngobatan manehna di sampeuran ku indung na deui. Bari nanyakeun eta kumaha kajadianna
“DIN coba jelaskeun kunaon bisa kitu”
“UDIN teh ma keur ameng jeung babaturan udin, terus eta ku Udin sapedah na di injem pake balapan ejeng lembur sabelahan, Udin ngajak tarohan 10.000 an maneh na daek, tos bae Udin balapan, eh pas keur balap Udin rag-rag ma.  Eleh laju namah Udin kudu bayar 10.000.
“Bayar atuh ku Udin ja ema mah teu boga artos.”
“Muhun ma” Udin teh mun di nasehatkeun ku ema kudu nurut din, eta akibat teu ngadangu ka kolot “nya Udin moal ngalakukeun deui ma.

Udin teh karak ngalampahkeun ulah maen babalapan deui harus ngadangu ka kolot. Kuari manehna tinggal mayar eta duit kalawan maneh na nu menang. Udin teh pusing mikiran eta, teu lami maneh na nyamperan indungna
“Ma Udin menta artos jang bayar nu tadi”
“Hm,,, yeuh artosna”
“Nuhun nya ma”
Udin teh gembira di bere duit ku indung na jang bayar saenggeus kitu Udin neangan jalmi tadi nu menang ka mamana terus katimu.
“Eh Man ieu duit 10.000 nu tadi maneh menang ngalawan urang”
“Oh nya nuhun Udin teh saenggeus bayar laju balik, pas nyampe maneh na langsung ka kamar bari he’es.

Teu lami hees baturanna nyamper ka rompokna
“Assalamualaikum” indungna ngajawab.
“Waalaikum salam, arek naon?”
“Teu ma Udin aya teu”
“Oh Udin aya di jero”
“Keur naon ma Udin teh”
“Teterang Udin teh keur naon, ke ema bade ngagerokeun hela Udin sakedap,
“Ny.”

Teu lami Udin di gerokeun maneh nyamperkeun bari matana peperedeyan keneh masih hayang hee’ees. Si Udin nanya ka babaturanna
“arek naon kadieu”
“babaturanna ngajawab”
“din maneh karek hudang he’es nyah”
“muhun oh ieu urang ka imah tangkalan bareng budak”
“yu dimana”
“di hareup imah abdi”
“hayu atuh.”

Saenggeus kitu Udin teh ka imah tangkalan nu tadi di omongkeun, geus nyampe Udin langsung naek eta kana imah tangkalan sareng babaturanna. Tidinya lami jeung lami Udin sareng babaturanna he’es deui pas tadi geus kacapean. Tos hudang sare babturanna ngajakan main bola geus bae budak teh maen bola ngalawan jeung babaturanna nu lain deui, pas keu maen Udin teh langsung ngajebool keun hiji eta ka gawang lawan, lami jeung lami babaturanna geh ngasupkeun eta bola jadi beda jauh sekorna jadi 4-1, Udin teh gumbira menang dina maen bola eta Udin tos rek maghrib maneh na uih, mandi bare sholat maghrib sareng babturanna na.

Saentos sholat si Udin teh ngajak anu teu bener ka babaturanna manehna teu ngadenge deui kana nasehat indungna , manehna nanya ka babaturanana bari ngajak nu te bener.
”Wey urang maling hayam yuk a imah si roup”  salah sahiji babatruranna nga jawab
”Ih maneh mah karak geh di carakna ku indung maneh langsung ngajakan teu beuneur.”
“Atuh sakali-kali urang maling hayam jeung urang ngaliwet”
“Ulah lah uing mah teu sanggup, moal ngalakukeun nu kitu” baturan nu lain deui,
“Teu sanggup moal ngalakukeun nu kitu.”

Akhirna si udn teh teu jadi ngalakuken kos kitu, babaturana ngahadang manehna nuteu bener, saenggeus kitu si Udin teh di gerokeun ku indung tah ngaji,
“udin,,, udin,,,, balik. Ngaji heula ulah waka ulin,” indung na ngageroan si udin. Udin teh ngajawab
“muhun ma sakedap Udin geh bade ngaji.” Teu lami Udin di geroan Udin nyamperan terus langsung ngaji, babaturanna oge sarua ngaraji.


“Tamat”


TUGAS

Di Susun Kangge Ngalaksanakeun Tugas Mata Pelajaran Bahasa Sunda


CARPON

Judul :
“Si Udin Rag-Rag Dina Sapedah Drag”


Description: E:\FOTO\LOGO\HGFH.jpg
 










Di karang ku :
ASEP RUDIN

Kelas
IX G





SMP NEGERI 1 KADUHEJO PANDEGLANG
2016/2017

PERISTIWA ANU KASEDIHAN



Tema   : PERISTIWA ANU KASEDIHAN
Judul   : RAGA-RAG DI TANGKAL JAMBU

“Aduh” nyeri ulah di cekel sukuna” di cekel ku tukang urut, “sukuna potong” “tahan bae atuh ceng sakedeng doang ieuh” tukang urutna nganasehatan eta si Fajri tea, si Fajri ge ngomong deui “launan bae atuh bah, ja Fajri na nyeri” “muhun ieu geh lalaunan” tukang urutna ngajawab deui, emana ngomong “geus atuh jri, ja lahunan doang, tahan bae, atuh” teu kebel si pajrina anggeusan di urutna, ja Cuma sukuna doang nu potong, si abah nanya ka si Fajri “ngenaheun teu ceng” si Fajri ngajawab “lumayan bah, tapi aya nyeri keneh saeutik” si abah nanya deui ka si Fajri eta “ mana anu nyeri keneh na ceng?” si Fajri ngajawab deui “iyeu yeu bah dengkulna teu bisa di gerakeun nyeri keneh” si abah ngajawab deui “oh, dengkulna emang tulangna coplok tapi tos di sambungkeun deui, lelempangan bae lamun geus teu rada nyeuri, pang eta si dengkul rada hampang” emana oge ngajawab deui “oh, nuhun bah, ieu bbah ubar famali” bari ngepelan amplop ka si abah “ih,,, nuhun the” ceuk si abah “enya sami-sami bah”

Si Fajri jeung emana balik ka Imah, pas datang ka imah si Fajri na di diukeun heula ka korsi ja emana keur ngahadekeun kasur jeung he’es si Fajri ja si Fajri can di titah leumpang, ku si abh tukang urut, emana enggeus ngahadekeun kasur si Fajri “Fajri hayu kasur tia tos di hadekeun” ku emana di tuntun si fajrina, teu kebel babaturan si Fajri datak deuk noong si Fajri “assalamualaikum” babaturan ngucapkeun salam babarengan, terus di jawab ku emana si Fajri “waalaikum salam” babaturan nanya ka emana “ma Fajri tos uih can?” emana ngajawab “ntos  hayu asup heula” babaturanna ararasup noong si Fajri raramean,. Salah sahiji babaturanna ngomong ka si Fajri “jri, gera cageur urang maen bola deui” pajrina ngajawab eta omongan babaturanna “geus gera doakeun bae ku maraneh atu pang gera cageur, aing geh kieu teu ngeunaheun sabener namah” “heueuh ku kami geh di doakeun ieuh” di jawab ku salah sahiji babaturanna, emana seuri bae, laju ngomong “ulah taekan bae nyah bisi doang si Fajri yeuh teu beunang di omongan” di jawab ku babaturan si fajri, babaturanna ngajawab “muhun ma, kami geh hampura” “emang maneh arilu kitu” emana nanya ka babaturan si fajri, babturanna ngajawab “muhun ma kami ilu kabehan, ngan kami nganterkeun si Fajri Cuma nyampe imah pa ustadz titah si amar bae nganteurkeun si fajri, ja kami sieun di carekan ku ema” emana ngajawab “moal atuh ema geh nyaho si pa mun tataekan sok kancolah bae” babaturanna ngajawab deui “hampura ma” emana ngahampurakeun kabeh babaturanna si Fajri “enya ku ema geh di hampurakeun”

Babaturanna sareneung soalna ku emana geus di hampurakeun “nuhun ma, tos di hampurakeun” bari nyium leungeun na ema si fajri, si Fajri malah seuri nga gak-gak ngadeuleu babaturannna menta hampura ka emana padahal emana mah tilok marah mun maneh na rag-rag babturanna paramit deuk uwih ja tos burit “ma kami uih heula nyah, jri geura cageur nyah” emana ngajawab “muhun, ja entos burit bisi di teangan” si Fajri ngomong “wey nuhun yeuh daria mah kuat repot-repot ka imah aing kuat mawa kueh” “geus teu nanaon kami balik heulajri, assalamualaikum” babaturanna pamit sabari nyium leungeun emana, emana ngajawab “waalaikum salam” “jri cageur nyah, kami balik jri” ceuk babaturanna, si Fajri ngajawab “huuh geus geura doakeun bae pang aing geura sehat wal afiat” babaturanna balik babareungan.

Pas babaturanna baralik si Fajri ngahuleng bari nahan rasa nyeuri geus saminggu si Fajri teu ulin pas malam mingguna bapak si Fajri datang si Fajri di beulikeun tongkat ku bapakna “assalamualaikum” bapakna ngucapkeun salam bari ngetok-ngetok lawing, ema si Fajri ngajawab “waalaikum salam” bari mukakeun lawing “ma, ari si fajrina kamana” bapakna nanya ka emana si Fajri emana ngajawab “aya di kamar tos bobo tapina pa “ceuk emana ka bapak si fajri, bapak na ka kamar si Fajri bari mawa tongkat keur si Fajri “jri ieu tongkat jeung si Fajri pang Fajri bisa leuleumpangan deui” bapakna ngaharewosan ka ceuli si Fajri jojong bae he’es pas jagisukna si Fajri di hudangkeun ku ema nangahudangkeun si fajri. Si Fajri hudang laju maneh na aneheun ngadeuleu tongkat di sisina “ieu tongkat saha pan aya didieu” si Fajri ngomong sorangan sabari nyekelan rta tongkat “ema ari ieu tongkat saha pan aya disisi fajri” si Fajri nanya kaemana ja manehna aneheun aya tongkat di sisina pas maneh na hudang hee’es. “eta keur peuting bapak maneh datang laju meuli tongkat jeung maneh pang ulah kararesel bae di imah, “emana ngajawab tanyaan si Fajri eta, “pantesan keur peuting doang aya nu ngaharewosan” si Fajri ngomong sorangan.

Teu kebel si Fajri ngajajal tongkatna geus babaraha kali si Fajri teu bisa bae soalna sukuna nyeurieun keneh. Tapi ku emana di sumangetan bae sampe si Fajri bisa makena, si Fajri terus kalapangan burit-burit nonton bola jeung babaturanna teu kebel aya si hardi jeung si amar ngagorowok di jauh “fajri” barudka ngagorowok babarengan, si hardi jeung si amar nyampeurkeun ka si Fajri “jri” si Fajri ngajawab “eut” sabari sasalaman soalna geus kebel teu papanggih jueng barudak duaan mah, si hardi nanya ka si Fajri “jri, kunaon dia make tongkat, jeung suku dia pan di perban kitu “si hardi jeung si amar heraneun si Fajri make tongkat kieu yeuh” si Fajri nyaritakeun

“Isuk—isuk Fajri ulin jeung babaturan fajri, Fajri ulin ka leuweung, Fajri deuk ka leuweung abah Fajri nu aya di girang, pas nyampe ka leuweung abah Fajri aya tangkal jambu, jambuna leubeut jasa, Fajri kabita laju naek nu pnaekna lobaan aya opatan mah, kami naekna sabari lalaga’an pas Fajri naek belah landeh dahan na enjot-enjotan pas kitu ku Fajri tanggung bae di enjotkeun ja karasana reuseup teu kebel, pas keur resep-resep dahan nu di cekel ku Fajri potong laju Fajri rag-rag, ieu suku Fajri potong” enggeus si Fajri ceurita si hardi nanya deui “laju geus di urut, naon bae kitu nu kenana jri?” babaturanna hayang ngadenge penjelasana deui “tos, diurut mah, ieu doang suku jeung hulu mantog” si Fajri mere penjelasanna “oh, geus gera cageur jri, aing sararedih lajuna ngadenge carita dia” nonton bolana anggeusan laju babaturanna balik “jri, aing balik nyah geus di ageura cageur” si hardi jeung si amar pamit ndek balik, si Fajri ngajawab “heeh aing geh ndeuk balik nuhun geus di doakeun suugan bae atuh aing cageur deui “si Fajri balik jeung babaturanna ja di lapanganna geus euweh nu maen bola si hardi jeung si amar geh balalik.

Pas nyampe ka imah si Fajri mandi pas mandi di huluna aya lecet keneh laju nu lecet n aka baseuhan manehn anyeurieun bari mandi nag eh lalaunan anggeus mandi ku emana di Tanya ja manehna pas mandi ngagorowok “adaw” si Fajri nyerieun lecetna ka banjur “kunaon maneh jri “ emana nanya ka si Fajri “henteu ma, tadi nu lalecet n aka banjur” si Fajri bari nga eulapan pake anduuk “lahunan mantakna nageh” ceuuk emana ka si Fajri “muhun ma, ka gisuk na si Fajri awal asup sakola hadean sakolana teu jauh di imah si fajri, si Fajri jueng babaturanna leumpang ka sakola babareungan, nyampe di sakola si Fajri ngan diuk bae di kelas ja sukuna masih nyeurieun keneh. Si Fajri di ajak ka kopsis geh embungeun ja manehna isineun ku babaturanna anu di kelas batur, bel asup sawara kabehan ararasup ibu guru wali kelasna asup endeuk nerangkeun mata pelajaran.
Pas asup ibu guru ngadeuleu ka si Fajri laju nanya “Fajri ari maneh kunaon mawa tongkat” si Fajri cicing bae ja kabeh bnu di kelas na ngadeuleu keun si Fajri kabeh “jri jawab atuh ja ibu nanya” bu guru na heraneun ja teu ngadeuleu suku si Fajri “ieu bu pas pere sakola abbdi rag-rag di tangkal jambu” si Fajri nyaritajeun jri ja ibu heran endeuk nyaritakeun kajadianna “ieu bu pas sakola isuk-isuk Fajri ulin jeung babaturan fajri, Fajri jeung babaturan ulin ka leuweung abah kolot Fajri nu aya di girang, Fajri jeung babaturan nyampe tah di leuweung abah didinya aya jambu leubeut jasa, ku Fajri di taek ku opatan tangkalna, ngalana bari lalagaan pas di luhur Fajri ngala anu disisi dahan tangkal jambu eta ngenjot kagol bae ku Fajri di enjot-enjot ja ngeunaheun pas keur reuseup-reuseup dahan nu di cekel Fajri potong Fajri rah-rag laju msuku Fajri potong jeung hulu nutug” anggeus nyaritakeun ibu guru nasehatan si Fajri “oh, eta fajri, maneh ulah tuak-taek bae kitu tah tos urang lanjutkeun kana pelajaran” “enyya bu, moal-moal deui” si Fajri kapokeun jeung moal lalagaan mun keur tataekan.



















TUGAS

Di Susun Kangge Ngalaksanakeun Tugas Mata Pelajaran Bahasa Sunda


CARPON

Judul :
“RAGA-RAG DI TANGKAL JAMBU”


Description: E:\FOTO\LOGO\HGFH.jpg
 










Di karang ku :
SAMSUL

Kelas
IX G





SMP NEGERI 1 KADUHEJO PANDEGLANG
2016/2017

PENGEMIS NU KADUHUNG PANDEURI



Tema               : PENGEMIS NU KADUHUNG PANDEURI
Pelaku                         : UDIN, TINA, EMA UDIN JEUNG DANI
Latar                : DI IMAH UDIN, DI IMAH TINA JEUNG DI JALAN RAYA
Galur               :

Di poe senen Udin keur diuk di hareup imahna, teu kebel Tina datang ka imah Udin
Tina     : Assalamualaikum Udin
Udin    : Waalaikum salam
Tina     : Udin keur naon diuk di hareup imah sabari ngalamun, emang keur mikiran naon?
Udin    : Abdi keur mikiran, abdi hoyong gawe, tapi gawe naon
Tina     : Gawe naon bae nu penting mah halal
Udin    : Oh nya, abdi gawe jadi pengemis bae, kan panghasilana lumayan
Tina     : Tapi ulah curang nya kudu jujur.
Geus kitu jagisukna Udin gegeraan ka jalan raya sabari mawa kaleng ejeng wadah duitna, teu kebel Udin sampe di jalan raya, di jalan eta loba pajalan suku, pasti penghasilan poe ieu meunang loba.
Udin    : Pa. bu abdi menta duit, abdi encan dahar 3 poe, bu pa?

Aya nu mere duit, tapi eta henteu cukup Udin cuman menang rp. 20.000 geus kitu Udin balik ka imahna, geus sampe di imahna Udin keur mikiran isukan kumaha, kudu loba nu mere duit jeung kudu panghasilana loba, tiba-tiba Tina datang ka imah udin.
Tina     : Udin… Udin… Udin.
Udin    : Nya naon Tina ngagerokeun abdi
Tina     : Abdi mawakeun kadaharan jeung maneh, maneh geus dahar ccan?
Uidn    : Encan, abdi keur mikiran isukan abdi kudu penghasilana loba
Tina     : Tapi Udin ide na kudu jujur nya ulah licik
Udin    : Nya, tapi Udin geus boga ideu
Tina     : Emang ideu naon? Abdi hoyong nyaho ide naon
Udin    : Abdi pura-pura suku sabelah katuhu potong, jadi pejalan suku teh  mere duitna loba.
Tina     : Tapi eta henteu bener udin, engke Udin kaduhung
Udin    : Henteu, abdi mah enteu kaduhung, sabalikna abdi bakal kaya raya
Tina     : Percuma bakal kaya raya tapi kan duitna teh  henteu halal
Udin    : Geus lah Tina ulah sok caramahan abdi, abdi geh geus nyaho. Numana nu bener jeung nu mana nu salah.
Tina     : Enggeus lamun maneh henteu bisa di bejaan mah engkena teh  kaduhung sorangan, abdi balik bae lah geus peting, assalamualaikum.
Udin    : Waalaikum Salam
Geus Tina balik Udin gegeraan hees henteu sabar nungguan isuk, idena teh  dilaksanakeun jeung penghasilanna teh  loba, isuk-isuk Udin geus hudang geus siap-siap kajalan raya jeung negemis, Udin teu poho mawa perban, betadin jeung tongkat geus nyampe di jalan raya.
Udin    : Pa, bu menta duitna pa, bu abdi hoyong ngobatan suku abdi nu potong sabelah katuhu, karunya abdi.
Loba nu mere duit ka udin, panghasilana lumayan loba Udin menang duitna rp. 200.000, lamun isukna menang duit lebih, Udin bakal kaya raya ngadadak.
Udin    : Abdi balik lah entos sore, engke bae di lanjutkeun isukan deui
Tina geus nungguan di harep imahna
Udin    : Dek naon deui datang ka imah abdi, dek nyeramahan abdi deui tah
Tina     : Henteu, abdi hoyong mere kadaharan ieu ka udin.
Udin    : Ulah repot-repot abdi geus boga duit sorangan, abdi teu butuh deui kadaharan ti maneh bawa balik bae deui.
Tina     : Udin geus sombong, Udin kudu nyaho duit nu di bawa ku Udin teh  henteu halal, engke duit eta mawa panyakit jeung Udin sorangan abdi balik bae lah, assalamualaikum.
Udin    : Waalaikum salam
Geus Udin hees di kamar di imah tina, Tina keur kesel ka si Udin
Tina     : Udin teh  di bejakeunna ku Tina keras kepala amat, geus nyaho eta duit enteu halal, di pake bae deui lamun kaduhung pandeuri abdi ogah ngabantuan deui.
Di imah Udin, Udin keur diuk di harep imahna
Udin    : Si Tina ceramahan abdi bae geus nyaho neangan duit teh  hese empang gampang. Ieu geh gawe ngemis geh Alhamdulillah jeung lumayan penghasilanna, jeung dahar geus cukup
Geus tengah peuting Udin he’es di kamarna, bedug subuh datang Udin teh  henteu hudang ngadenge adan subuh sholat subuh geus kalewat, isuk-isukna teh  Udin gawe deui jadi pengemis di jalan raya, Udin henteu sabar hoyong penghasilanna menang loba deui.
Udin    : Abdi hoyong poe ieu penghasilana abdi lewih ti kamari, aya jelema pejalan kaki suku nyamperkeun Udin
Udin    : Pa bu menta duitana
Dani    : Punten anbdi hoyong nanya abang teh  ngarana saha nya?
Udin    : Ngaran abdi teh  Udin
Dani    : Ko pa Udin gawe jadi pengemis emang teu aya pagaweaan nu lain, kan ngemis teh  penghasilanna leutik
Udin    : Abdi teh  teu boga pagaweaan nu lain, abdi teh  lulusan SMP doang
Dani    : Oh kitu
Dani teh  mere duit ka si Udin teh  Rp. 100.000 ku lantaran karunya kana si udin
Udin    : Ieu duit gede amat abang, ikhlas teu ieu mere ka abdi
Dani    : Nya abdi ikhlas, tapi isukan abdi kadieu deui benang henteu?
Udin    : Benang atuh kan jalan raya teh  tempat umum, engke isukan abdi hoyong Dani ka imah abdi nya.
Dani    : Nya nggke isukan nya
Geus kitu Udin balik ka imahna, poe ieu Udin menang duitna Rp. 400.000 geus aya di imah Udin keur mandi geus beres mandi, Udin ka kamar endek hee’es jagisukna Udin gawe deui jadi pengemis, tiba-tiba Dani geus nungguan Udin di tempat Udin paranti ngemis.
Udin    : Keur naon Dani di dieu
Dani    : Abdi nungguan maneh
Udin    : Oh nya abdi poho abdi kan ges janji ngajak Dani ka imah abdi
Dani    : Eh, eta maneh nyaho.
Udin    : Nya enggeus tangguan sakedap, abdi gawe heula Dani tungguan bae di warung kopi eanya ke abdi kadieu deui.
Dani    : Eh, tepi uulah kebel-kebel nya ngke abdi bisa bosen di dieu
Udin    : Henteu, abdi mah moal kebel-kebel
Dani    : Nya atuh
Geus bara jam Udin kawarung kopi rta nyusul Dani rek ka imahna.
Udin    : Dani, Dani hayu abdi geus anggeus gawena
Dani    : Engke abdi bayar kopi heula
Udin    : Nya, tapi geuraan
Teu kebel Dani nyusul udin, geus nyampe di imah Udin Dani henteu sabar nanya-nanya tentang identitas Udin anu asli.
Udin    : Ieu imah abdi naha imah abdi mah rombeng
Dani    : Henteu kunanaon
Udin    : Diuk heula engke abdi bade bade nyokot keun nginum heula nya.
Dani    : Enya, tapi nggeus nyokot nginum abdi bisa nanya sesuatu henteu ka maneh
Udin    : Bisa, tapi ngke heula nya.
Tiba-tiba Tina datang Tina henteu nyaho lamun Udin boga babaturan anyar tapi heunteu di kenalkeun ku manehna.
Tida     : Assalamualaikum Udin
Dani    : Waalaikum salam
Tina     : Ieu sahanya abdi heunteu pernah ngadeuleu maneh ti dieu
Dani    : Abdi babaturan Udin ngaran abdi Dani
Tina     : Oh babaturan udin, dimana katimu udinna ko bisa kenal jeung si Udin
Dani    : Di jalan tempat Udin ngemis, henteu sangaja katimu
Di dapur Udin keur nyieun nginum jeung si Dani bbaturan anyarna, tiba-tiba pirasat Udin henteu ngenah kadoang aya kajadian nu buruk hoyong nimpa udin.
Tina     : Udin geraan babaturanna geus nungguan udin?
Udin    : Sakedeng abdi keur nyieun nginum heula
Tina     : Geus atuh geraan
Teu kebel Udin kaluar ti dapur geus nyiapkeun jengnginum jeung si Dani baturanna
Udin    : Yeuh nginum heula, ieu abdi nu nyien khusus jeung Dani
Dani    : Nuhun nya, Dani henteu ngenah ngarepotkeun udin.
Tiba-tiba Tina nyadar aya nu aneh tis i Udin
Tina     : Udin suku maneh kunaon ko sabelah katuhu potong
Udin    : Oh, abdi katabrak mobil di jalan raya pas nyebrang
Tina     : oh, tapi ko Tina henteu nyaho nanaon lamun Udin geus lkacelakaan kadieu abdi nyekel sukuna sakedap
Udin    : Ulah-ulah suku abdi masih nyeuri
Tiba-tiba Tina nyekel suku Udin
Tina     : Sakedap, aya anu aneh lamun suku Udin potong ko aya benjolan di buri sukuna
Dani    : Mana abdi henteu ngadeuleu
Tina     : Ieu, kadieu geh coba cekel
Udin    : Aduh gawat yeuh kabohongan abdi geus kabongkar, abdi kabur bae lah ke abdi sieun di bawa ka kantor polisi abdi kan sieun.
Dani hayang nyekel suku udin, tapi tiba-tiba Udin kabur
Dani    : Udin ulah kabur, Udin kudu tanggung jawab
Udin    : Embung Udin embung di bawa ka kantor polisi
Tiba-tiba mobil kenceng ti belah kanan Udin henteu gadeuleu kanan-kiri
Tina     : Awas Udin aya mobil kenceng…. Awas ….
Udin    : Mana,,,, ah,.,, ah,,,, ah,,,, (brakkk)
Akhirna Udin katabrak mobil, Udin di bawa ka rumah sakit akhirna suku Udin teh  bencana potong
Udin    : Tina ku dimana kok aya alat suntik
Tina     : Ieu aya di rumah sakit, Udin tadi kacelakaan
Udin    : Abdi hoyong balik
Udin Gegeraan hudang ti tempat he’es
Udin    : Ku ko suku abdi nu kanan henteu bisa di gerakeun, ieu kunaon
Tina     : Udin nu sabenerna, suku Udin teh  potong gara-gara mobil nu nabarak Udin ngagiling suku Udin nu kanan
Ti dinya Udin cuuman bisa ceurik manehna nyadar lamun kabohongan teh  bisa nyelakakeun diri urang sorangan akhirna Udin kaduhung pandeuri.
Saenggeus ka jadian eta ema Udin datang ti bandung,
Udin    : Aduh abdi kesel di imah hayang lelempangan
Teu kebel Tina datang
Tina     : Udin. Udin. Udin
Udin    : Naon tina, ngagerokeun abdi
Tina     : Eta udin… ema Udin datang ti bandung
Udin    : Mana ema Udin tina, hayu urang ka imah maneh
Tina     : Hayu atuh
Geus kitu Udin langsung ka imah tina, sabari lempangna teh  dicekelan ku tina, naha da Udin teh  pake tongkat lempangna teu kebel Udin datang ti imah Tina
Udin                : Ma… Ema
Ema Udin        : Udin
Udin                : Ema kumaha damang di bandung
Ema Udin        : Alhamdulillah din damang
Eaman teh  heran kana si Udin kunaon eta teh  sukuna, naha di bengket make perban sampe akhirna emana teh  nanya kana si Udin
Ema Udin        : Udin eta suku maneh teh  kunaon ?
Udin                : Ieu suku abdi teh  potong ma.
Ema Udin        : Astaghfirulllahaladzim udin, naha eta kunaon bisa potong kitu
Udin                : Abdi teh  keur ieu pernah hoyong gawe, sampe akhirna abdi jadi pengemis di jalan raya abdi teh  kahoyong jadi budak anu kaya raya sampe akhirna abdi teh  pura-pura potong suku abdi teh  jeung Alhamdulillah lumayan mennag penghasilanna geus kitu abdi teh  kanyahoan lamun suku abdi teh  cuman pura-pura potong ku si tina, tidinya abdi lumpat da sieun asup ka kkantor polisi, akhirna abdi teh  katabrak mobil.
Ema Udin        : Naha maneh teh  nanaonan sok pura-pura lamun suku maneh teh  potong
Udun               : Atuh abdi teh  kahoyong jadi budak anu kaya raya ma
Tina                 : Heh Udin lamun maneh hayang jadi budak kaya raya maneh teh  kudu gawe nu bener nu halal.
Ema Udin        : Dengekeun tah Udin
Udin                : Nya atuh ke Udin bakalan menang gawe nu bener jeung penghasilan nu halal
Didinya Udin cuman bisa cicing, manehna nyadar lamun kabohongan teh  bisa nyilakakeun diri urang sorangan, akhirna Udin teh  kaduhung pandeuri.




TUGAS BAHASA SUNDA

CARPON

Tema
Pengemis Nu Kaduhung Pandeuri



Description: E:\FOTO\LOGO\HGFH.jpg
 












Di Karang Ku
TITI ALAWIYAH

Kelas
IX G







SMP N 1 KADUHEJO PANDEGLANG
2016/2017