Hand Phone

  • This is Slide 1 Title

    This is slide 1 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

  • This is Slide 2 Title

    This is slide 2 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

  • This is Slide 3 Title

    This is slide 3 description. Go to Edit HTML and replace these sentences with your own words. This is a Blogger template by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com...

Kamis, 15 September 2016

NUPIKASEDIHEUN



Tema   : NUPIKASEDIHEUN
Judul   : SI UDIN RAG-RAG DINA SAPEDAH DRAG

Si Udin teh jalmina hese di atur kana kolot maneh na sorangan geh, setain di nasehatkeun manehna mah moal ngadangu masa bodokeun bae, ku babaturan ge sok di sebut adigung. Si Udin mimiti rag-rag dina sapedah teh, pas balik sakola, maneh na langsung bae ulin teu langsung dahar, sholat geh henteu ngan ukur nenden tas jeung sapatu doang, teu lami babaturanna mamawa sapedah drag nu tos di bagusan. Udin teh langsung ngajak balapan jeung lembur sabelahan nana manehna, pas rek balap Udin teh songong ti heula. Pas jam 2 lewat si Udin balapanna, di jalan kadukaweng suasana na rarehe teu aya sasaha (jempling) ngan ukur budak leutik nu rek ningali balapna. Bari tarohan duit 10.000 an pas keur balap Udin teh rag-rag kana susukan, maneh na lalecetan bari jejeritan ngarasakeun ka nyeri. Teu lami maneh na indit ka rompok maneh na aya indung na sorangan doang.
“Udin kunaon maneh teh lalecetan kitu.”
“Teu ma Udin teh rag-rag dina sapeda drag”,
“Sapedah saha din ja Udin mah teu gaduh sapedah drag”
“Sapedah babaturan Udin ma”
“Mantakna cuan din ari mawa sapedah teh, ulah bari lalagaan,”
“Udin teh bari lalagaan ma”
“Ari eta kudu kumaha deui coba mun teu bari lalagaan mah,”
“Bener ma” geus kumaha Udin bae”
“Obatan heula tah”
“Nya ma.”

Udin teh pas keur ngobatan, eman teu mere beja kana indung na, padahal maneh na balapan bari tarohan duit 10.000 an. Saenggeus ngobatan manehna di sampeuran ku indung na deui. Bari nanyakeun eta kumaha kajadianna
“DIN coba jelaskeun kunaon bisa kitu”
“UDIN teh ma keur ameng jeung babaturan udin, terus eta ku Udin sapedah na di injem pake balapan ejeng lembur sabelahan, Udin ngajak tarohan 10.000 an maneh na daek, tos bae Udin balapan, eh pas keur balap Udin rag-rag ma.  Eleh laju namah Udin kudu bayar 10.000.
“Bayar atuh ku Udin ja ema mah teu boga artos.”
“Muhun ma” Udin teh mun di nasehatkeun ku ema kudu nurut din, eta akibat teu ngadangu ka kolot “nya Udin moal ngalakukeun deui ma.

Udin teh karak ngalampahkeun ulah maen babalapan deui harus ngadangu ka kolot. Kuari manehna tinggal mayar eta duit kalawan maneh na nu menang. Udin teh pusing mikiran eta, teu lami maneh na nyamperan indungna
“Ma Udin menta artos jang bayar nu tadi”
“Hm,,, yeuh artosna”
“Nuhun nya ma”
Udin teh gembira di bere duit ku indung na jang bayar saenggeus kitu Udin neangan jalmi tadi nu menang ka mamana terus katimu.
“Eh Man ieu duit 10.000 nu tadi maneh menang ngalawan urang”
“Oh nya nuhun Udin teh saenggeus bayar laju balik, pas nyampe maneh na langsung ka kamar bari he’es.

Teu lami hees baturanna nyamper ka rompokna
“Assalamualaikum” indungna ngajawab.
“Waalaikum salam, arek naon?”
“Teu ma Udin aya teu”
“Oh Udin aya di jero”
“Keur naon ma Udin teh”
“Teterang Udin teh keur naon, ke ema bade ngagerokeun hela Udin sakedap,
“Ny.”

Teu lami Udin di gerokeun maneh nyamperkeun bari matana peperedeyan keneh masih hayang hee’ees. Si Udin nanya ka babaturanna
“arek naon kadieu”
“babaturanna ngajawab”
“din maneh karek hudang he’es nyah”
“muhun oh ieu urang ka imah tangkalan bareng budak”
“yu dimana”
“di hareup imah abdi”
“hayu atuh.”

Saenggeus kitu Udin teh ka imah tangkalan nu tadi di omongkeun, geus nyampe Udin langsung naek eta kana imah tangkalan sareng babaturanna. Tidinya lami jeung lami Udin sareng babaturanna he’es deui pas tadi geus kacapean. Tos hudang sare babturanna ngajakan main bola geus bae budak teh maen bola ngalawan jeung babaturanna nu lain deui, pas keu maen Udin teh langsung ngajebool keun hiji eta ka gawang lawan, lami jeung lami babaturanna geh ngasupkeun eta bola jadi beda jauh sekorna jadi 4-1, Udin teh gumbira menang dina maen bola eta Udin tos rek maghrib maneh na uih, mandi bare sholat maghrib sareng babturanna na.

Saentos sholat si Udin teh ngajak anu teu bener ka babaturanna manehna teu ngadenge deui kana nasehat indungna , manehna nanya ka babaturanana bari ngajak nu te bener.
”Wey urang maling hayam yuk a imah si roup”  salah sahiji babatruranna nga jawab
”Ih maneh mah karak geh di carakna ku indung maneh langsung ngajakan teu beuneur.”
“Atuh sakali-kali urang maling hayam jeung urang ngaliwet”
“Ulah lah uing mah teu sanggup, moal ngalakukeun nu kitu” baturan nu lain deui,
“Teu sanggup moal ngalakukeun nu kitu.”

Akhirna si udn teh teu jadi ngalakuken kos kitu, babaturana ngahadang manehna nuteu bener, saenggeus kitu si Udin teh di gerokeun ku indung tah ngaji,
“udin,,, udin,,,, balik. Ngaji heula ulah waka ulin,” indung na ngageroan si udin. Udin teh ngajawab
“muhun ma sakedap Udin geh bade ngaji.” Teu lami Udin di geroan Udin nyamperan terus langsung ngaji, babaturanna oge sarua ngaraji.


“Tamat”


TUGAS

Di Susun Kangge Ngalaksanakeun Tugas Mata Pelajaran Bahasa Sunda


CARPON

Judul :
“Si Udin Rag-Rag Dina Sapedah Drag”


Description: E:\FOTO\LOGO\HGFH.jpg
 










Di karang ku :
ASEP RUDIN

Kelas
IX G





SMP NEGERI 1 KADUHEJO PANDEGLANG
2016/2017

PERISTIWA ANU KASEDIHAN



Tema   : PERISTIWA ANU KASEDIHAN
Judul   : RAGA-RAG DI TANGKAL JAMBU

“Aduh” nyeri ulah di cekel sukuna” di cekel ku tukang urut, “sukuna potong” “tahan bae atuh ceng sakedeng doang ieuh” tukang urutna nganasehatan eta si Fajri tea, si Fajri ge ngomong deui “launan bae atuh bah, ja Fajri na nyeri” “muhun ieu geh lalaunan” tukang urutna ngajawab deui, emana ngomong “geus atuh jri, ja lahunan doang, tahan bae, atuh” teu kebel si pajrina anggeusan di urutna, ja Cuma sukuna doang nu potong, si abah nanya ka si Fajri “ngenaheun teu ceng” si Fajri ngajawab “lumayan bah, tapi aya nyeri keneh saeutik” si abah nanya deui ka si Fajri eta “ mana anu nyeri keneh na ceng?” si Fajri ngajawab deui “iyeu yeu bah dengkulna teu bisa di gerakeun nyeri keneh” si abah ngajawab deui “oh, dengkulna emang tulangna coplok tapi tos di sambungkeun deui, lelempangan bae lamun geus teu rada nyeuri, pang eta si dengkul rada hampang” emana oge ngajawab deui “oh, nuhun bah, ieu bbah ubar famali” bari ngepelan amplop ka si abah “ih,,, nuhun the” ceuk si abah “enya sami-sami bah”

Si Fajri jeung emana balik ka Imah, pas datang ka imah si Fajri na di diukeun heula ka korsi ja emana keur ngahadekeun kasur jeung he’es si Fajri ja si Fajri can di titah leumpang, ku si abh tukang urut, emana enggeus ngahadekeun kasur si Fajri “Fajri hayu kasur tia tos di hadekeun” ku emana di tuntun si fajrina, teu kebel babaturan si Fajri datak deuk noong si Fajri “assalamualaikum” babaturan ngucapkeun salam babarengan, terus di jawab ku emana si Fajri “waalaikum salam” babaturan nanya ka emana “ma Fajri tos uih can?” emana ngajawab “ntos  hayu asup heula” babaturanna ararasup noong si Fajri raramean,. Salah sahiji babaturanna ngomong ka si Fajri “jri, gera cageur urang maen bola deui” pajrina ngajawab eta omongan babaturanna “geus gera doakeun bae ku maraneh atu pang gera cageur, aing geh kieu teu ngeunaheun sabener namah” “heueuh ku kami geh di doakeun ieuh” di jawab ku salah sahiji babaturanna, emana seuri bae, laju ngomong “ulah taekan bae nyah bisi doang si Fajri yeuh teu beunang di omongan” di jawab ku babaturan si fajri, babaturanna ngajawab “muhun ma, kami geh hampura” “emang maneh arilu kitu” emana nanya ka babaturan si fajri, babturanna ngajawab “muhun ma kami ilu kabehan, ngan kami nganterkeun si Fajri Cuma nyampe imah pa ustadz titah si amar bae nganteurkeun si fajri, ja kami sieun di carekan ku ema” emana ngajawab “moal atuh ema geh nyaho si pa mun tataekan sok kancolah bae” babaturanna ngajawab deui “hampura ma” emana ngahampurakeun kabeh babaturanna si Fajri “enya ku ema geh di hampurakeun”

Babaturanna sareneung soalna ku emana geus di hampurakeun “nuhun ma, tos di hampurakeun” bari nyium leungeun na ema si fajri, si Fajri malah seuri nga gak-gak ngadeuleu babaturannna menta hampura ka emana padahal emana mah tilok marah mun maneh na rag-rag babturanna paramit deuk uwih ja tos burit “ma kami uih heula nyah, jri geura cageur nyah” emana ngajawab “muhun, ja entos burit bisi di teangan” si Fajri ngomong “wey nuhun yeuh daria mah kuat repot-repot ka imah aing kuat mawa kueh” “geus teu nanaon kami balik heulajri, assalamualaikum” babaturanna pamit sabari nyium leungeun emana, emana ngajawab “waalaikum salam” “jri cageur nyah, kami balik jri” ceuk babaturanna, si Fajri ngajawab “huuh geus geura doakeun bae pang aing geura sehat wal afiat” babaturanna balik babareungan.

Pas babaturanna baralik si Fajri ngahuleng bari nahan rasa nyeuri geus saminggu si Fajri teu ulin pas malam mingguna bapak si Fajri datang si Fajri di beulikeun tongkat ku bapakna “assalamualaikum” bapakna ngucapkeun salam bari ngetok-ngetok lawing, ema si Fajri ngajawab “waalaikum salam” bari mukakeun lawing “ma, ari si fajrina kamana” bapakna nanya ka emana si Fajri emana ngajawab “aya di kamar tos bobo tapina pa “ceuk emana ka bapak si fajri, bapak na ka kamar si Fajri bari mawa tongkat keur si Fajri “jri ieu tongkat jeung si Fajri pang Fajri bisa leuleumpangan deui” bapakna ngaharewosan ka ceuli si Fajri jojong bae he’es pas jagisukna si Fajri di hudangkeun ku ema nangahudangkeun si fajri. Si Fajri hudang laju maneh na aneheun ngadeuleu tongkat di sisina “ieu tongkat saha pan aya didieu” si Fajri ngomong sorangan sabari nyekelan rta tongkat “ema ari ieu tongkat saha pan aya disisi fajri” si Fajri nanya kaemana ja manehna aneheun aya tongkat di sisina pas maneh na hudang hee’es. “eta keur peuting bapak maneh datang laju meuli tongkat jeung maneh pang ulah kararesel bae di imah, “emana ngajawab tanyaan si Fajri eta, “pantesan keur peuting doang aya nu ngaharewosan” si Fajri ngomong sorangan.

Teu kebel si Fajri ngajajal tongkatna geus babaraha kali si Fajri teu bisa bae soalna sukuna nyeurieun keneh. Tapi ku emana di sumangetan bae sampe si Fajri bisa makena, si Fajri terus kalapangan burit-burit nonton bola jeung babaturanna teu kebel aya si hardi jeung si amar ngagorowok di jauh “fajri” barudka ngagorowok babarengan, si hardi jeung si amar nyampeurkeun ka si Fajri “jri” si Fajri ngajawab “eut” sabari sasalaman soalna geus kebel teu papanggih jueng barudak duaan mah, si hardi nanya ka si Fajri “jri, kunaon dia make tongkat, jeung suku dia pan di perban kitu “si hardi jeung si amar heraneun si Fajri make tongkat kieu yeuh” si Fajri nyaritakeun

“Isuk—isuk Fajri ulin jeung babaturan fajri, Fajri ulin ka leuweung, Fajri deuk ka leuweung abah Fajri nu aya di girang, pas nyampe ka leuweung abah Fajri aya tangkal jambu, jambuna leubeut jasa, Fajri kabita laju naek nu pnaekna lobaan aya opatan mah, kami naekna sabari lalaga’an pas Fajri naek belah landeh dahan na enjot-enjotan pas kitu ku Fajri tanggung bae di enjotkeun ja karasana reuseup teu kebel, pas keur resep-resep dahan nu di cekel ku Fajri potong laju Fajri rag-rag, ieu suku Fajri potong” enggeus si Fajri ceurita si hardi nanya deui “laju geus di urut, naon bae kitu nu kenana jri?” babaturanna hayang ngadenge penjelasana deui “tos, diurut mah, ieu doang suku jeung hulu mantog” si Fajri mere penjelasanna “oh, geus gera cageur jri, aing sararedih lajuna ngadenge carita dia” nonton bolana anggeusan laju babaturanna balik “jri, aing balik nyah geus di ageura cageur” si hardi jeung si amar pamit ndek balik, si Fajri ngajawab “heeh aing geh ndeuk balik nuhun geus di doakeun suugan bae atuh aing cageur deui “si Fajri balik jeung babaturanna ja di lapanganna geus euweh nu maen bola si hardi jeung si amar geh balalik.

Pas nyampe ka imah si Fajri mandi pas mandi di huluna aya lecet keneh laju nu lecet n aka baseuhan manehn anyeurieun bari mandi nag eh lalaunan anggeus mandi ku emana di Tanya ja manehna pas mandi ngagorowok “adaw” si Fajri nyerieun lecetna ka banjur “kunaon maneh jri “ emana nanya ka si Fajri “henteu ma, tadi nu lalecet n aka banjur” si Fajri bari nga eulapan pake anduuk “lahunan mantakna nageh” ceuuk emana ka si Fajri “muhun ma, ka gisuk na si Fajri awal asup sakola hadean sakolana teu jauh di imah si fajri, si Fajri jueng babaturanna leumpang ka sakola babareungan, nyampe di sakola si Fajri ngan diuk bae di kelas ja sukuna masih nyeurieun keneh. Si Fajri di ajak ka kopsis geh embungeun ja manehna isineun ku babaturanna anu di kelas batur, bel asup sawara kabehan ararasup ibu guru wali kelasna asup endeuk nerangkeun mata pelajaran.
Pas asup ibu guru ngadeuleu ka si Fajri laju nanya “Fajri ari maneh kunaon mawa tongkat” si Fajri cicing bae ja kabeh bnu di kelas na ngadeuleu keun si Fajri kabeh “jri jawab atuh ja ibu nanya” bu guru na heraneun ja teu ngadeuleu suku si Fajri “ieu bu pas pere sakola abbdi rag-rag di tangkal jambu” si Fajri nyaritajeun jri ja ibu heran endeuk nyaritakeun kajadianna “ieu bu pas sakola isuk-isuk Fajri ulin jeung babaturan fajri, Fajri jeung babaturan ulin ka leuweung abah kolot Fajri nu aya di girang, Fajri jeung babaturan nyampe tah di leuweung abah didinya aya jambu leubeut jasa, ku Fajri di taek ku opatan tangkalna, ngalana bari lalagaan pas di luhur Fajri ngala anu disisi dahan tangkal jambu eta ngenjot kagol bae ku Fajri di enjot-enjot ja ngeunaheun pas keur reuseup-reuseup dahan nu di cekel Fajri potong Fajri rah-rag laju msuku Fajri potong jeung hulu nutug” anggeus nyaritakeun ibu guru nasehatan si Fajri “oh, eta fajri, maneh ulah tuak-taek bae kitu tah tos urang lanjutkeun kana pelajaran” “enyya bu, moal-moal deui” si Fajri kapokeun jeung moal lalagaan mun keur tataekan.



















TUGAS

Di Susun Kangge Ngalaksanakeun Tugas Mata Pelajaran Bahasa Sunda


CARPON

Judul :
“RAGA-RAG DI TANGKAL JAMBU”


Description: E:\FOTO\LOGO\HGFH.jpg
 










Di karang ku :
SAMSUL

Kelas
IX G





SMP NEGERI 1 KADUHEJO PANDEGLANG
2016/2017

PENGEMIS NU KADUHUNG PANDEURI



Tema               : PENGEMIS NU KADUHUNG PANDEURI
Pelaku                         : UDIN, TINA, EMA UDIN JEUNG DANI
Latar                : DI IMAH UDIN, DI IMAH TINA JEUNG DI JALAN RAYA
Galur               :

Di poe senen Udin keur diuk di hareup imahna, teu kebel Tina datang ka imah Udin
Tina     : Assalamualaikum Udin
Udin    : Waalaikum salam
Tina     : Udin keur naon diuk di hareup imah sabari ngalamun, emang keur mikiran naon?
Udin    : Abdi keur mikiran, abdi hoyong gawe, tapi gawe naon
Tina     : Gawe naon bae nu penting mah halal
Udin    : Oh nya, abdi gawe jadi pengemis bae, kan panghasilana lumayan
Tina     : Tapi ulah curang nya kudu jujur.
Geus kitu jagisukna Udin gegeraan ka jalan raya sabari mawa kaleng ejeng wadah duitna, teu kebel Udin sampe di jalan raya, di jalan eta loba pajalan suku, pasti penghasilan poe ieu meunang loba.
Udin    : Pa. bu abdi menta duit, abdi encan dahar 3 poe, bu pa?

Aya nu mere duit, tapi eta henteu cukup Udin cuman menang rp. 20.000 geus kitu Udin balik ka imahna, geus sampe di imahna Udin keur mikiran isukan kumaha, kudu loba nu mere duit jeung kudu panghasilana loba, tiba-tiba Tina datang ka imah udin.
Tina     : Udin… Udin… Udin.
Udin    : Nya naon Tina ngagerokeun abdi
Tina     : Abdi mawakeun kadaharan jeung maneh, maneh geus dahar ccan?
Uidn    : Encan, abdi keur mikiran isukan abdi kudu penghasilana loba
Tina     : Tapi Udin ide na kudu jujur nya ulah licik
Udin    : Nya, tapi Udin geus boga ideu
Tina     : Emang ideu naon? Abdi hoyong nyaho ide naon
Udin    : Abdi pura-pura suku sabelah katuhu potong, jadi pejalan suku teh  mere duitna loba.
Tina     : Tapi eta henteu bener udin, engke Udin kaduhung
Udin    : Henteu, abdi mah enteu kaduhung, sabalikna abdi bakal kaya raya
Tina     : Percuma bakal kaya raya tapi kan duitna teh  henteu halal
Udin    : Geus lah Tina ulah sok caramahan abdi, abdi geh geus nyaho. Numana nu bener jeung nu mana nu salah.
Tina     : Enggeus lamun maneh henteu bisa di bejaan mah engkena teh  kaduhung sorangan, abdi balik bae lah geus peting, assalamualaikum.
Udin    : Waalaikum Salam
Geus Tina balik Udin gegeraan hees henteu sabar nungguan isuk, idena teh  dilaksanakeun jeung penghasilanna teh  loba, isuk-isuk Udin geus hudang geus siap-siap kajalan raya jeung negemis, Udin teu poho mawa perban, betadin jeung tongkat geus nyampe di jalan raya.
Udin    : Pa, bu menta duitna pa, bu abdi hoyong ngobatan suku abdi nu potong sabelah katuhu, karunya abdi.
Loba nu mere duit ka udin, panghasilana lumayan loba Udin menang duitna rp. 200.000, lamun isukna menang duit lebih, Udin bakal kaya raya ngadadak.
Udin    : Abdi balik lah entos sore, engke bae di lanjutkeun isukan deui
Tina geus nungguan di harep imahna
Udin    : Dek naon deui datang ka imah abdi, dek nyeramahan abdi deui tah
Tina     : Henteu, abdi hoyong mere kadaharan ieu ka udin.
Udin    : Ulah repot-repot abdi geus boga duit sorangan, abdi teu butuh deui kadaharan ti maneh bawa balik bae deui.
Tina     : Udin geus sombong, Udin kudu nyaho duit nu di bawa ku Udin teh  henteu halal, engke duit eta mawa panyakit jeung Udin sorangan abdi balik bae lah, assalamualaikum.
Udin    : Waalaikum salam
Geus Udin hees di kamar di imah tina, Tina keur kesel ka si Udin
Tina     : Udin teh  di bejakeunna ku Tina keras kepala amat, geus nyaho eta duit enteu halal, di pake bae deui lamun kaduhung pandeuri abdi ogah ngabantuan deui.
Di imah Udin, Udin keur diuk di harep imahna
Udin    : Si Tina ceramahan abdi bae geus nyaho neangan duit teh  hese empang gampang. Ieu geh gawe ngemis geh Alhamdulillah jeung lumayan penghasilanna, jeung dahar geus cukup
Geus tengah peuting Udin he’es di kamarna, bedug subuh datang Udin teh  henteu hudang ngadenge adan subuh sholat subuh geus kalewat, isuk-isukna teh  Udin gawe deui jadi pengemis di jalan raya, Udin henteu sabar hoyong penghasilanna menang loba deui.
Udin    : Abdi hoyong poe ieu penghasilana abdi lewih ti kamari, aya jelema pejalan kaki suku nyamperkeun Udin
Udin    : Pa bu menta duitana
Dani    : Punten anbdi hoyong nanya abang teh  ngarana saha nya?
Udin    : Ngaran abdi teh  Udin
Dani    : Ko pa Udin gawe jadi pengemis emang teu aya pagaweaan nu lain, kan ngemis teh  penghasilanna leutik
Udin    : Abdi teh  teu boga pagaweaan nu lain, abdi teh  lulusan SMP doang
Dani    : Oh kitu
Dani teh  mere duit ka si Udin teh  Rp. 100.000 ku lantaran karunya kana si udin
Udin    : Ieu duit gede amat abang, ikhlas teu ieu mere ka abdi
Dani    : Nya abdi ikhlas, tapi isukan abdi kadieu deui benang henteu?
Udin    : Benang atuh kan jalan raya teh  tempat umum, engke isukan abdi hoyong Dani ka imah abdi nya.
Dani    : Nya nggke isukan nya
Geus kitu Udin balik ka imahna, poe ieu Udin menang duitna Rp. 400.000 geus aya di imah Udin keur mandi geus beres mandi, Udin ka kamar endek hee’es jagisukna Udin gawe deui jadi pengemis, tiba-tiba Dani geus nungguan Udin di tempat Udin paranti ngemis.
Udin    : Keur naon Dani di dieu
Dani    : Abdi nungguan maneh
Udin    : Oh nya abdi poho abdi kan ges janji ngajak Dani ka imah abdi
Dani    : Eh, eta maneh nyaho.
Udin    : Nya enggeus tangguan sakedap, abdi gawe heula Dani tungguan bae di warung kopi eanya ke abdi kadieu deui.
Dani    : Eh, tepi uulah kebel-kebel nya ngke abdi bisa bosen di dieu
Udin    : Henteu, abdi mah moal kebel-kebel
Dani    : Nya atuh
Geus bara jam Udin kawarung kopi rta nyusul Dani rek ka imahna.
Udin    : Dani, Dani hayu abdi geus anggeus gawena
Dani    : Engke abdi bayar kopi heula
Udin    : Nya, tapi geuraan
Teu kebel Dani nyusul udin, geus nyampe di imah Udin Dani henteu sabar nanya-nanya tentang identitas Udin anu asli.
Udin    : Ieu imah abdi naha imah abdi mah rombeng
Dani    : Henteu kunanaon
Udin    : Diuk heula engke abdi bade bade nyokot keun nginum heula nya.
Dani    : Enya, tapi nggeus nyokot nginum abdi bisa nanya sesuatu henteu ka maneh
Udin    : Bisa, tapi ngke heula nya.
Tiba-tiba Tina datang Tina henteu nyaho lamun Udin boga babaturan anyar tapi heunteu di kenalkeun ku manehna.
Tida     : Assalamualaikum Udin
Dani    : Waalaikum salam
Tina     : Ieu sahanya abdi heunteu pernah ngadeuleu maneh ti dieu
Dani    : Abdi babaturan Udin ngaran abdi Dani
Tina     : Oh babaturan udin, dimana katimu udinna ko bisa kenal jeung si Udin
Dani    : Di jalan tempat Udin ngemis, henteu sangaja katimu
Di dapur Udin keur nyieun nginum jeung si Dani bbaturan anyarna, tiba-tiba pirasat Udin henteu ngenah kadoang aya kajadian nu buruk hoyong nimpa udin.
Tina     : Udin geraan babaturanna geus nungguan udin?
Udin    : Sakedeng abdi keur nyieun nginum heula
Tina     : Geus atuh geraan
Teu kebel Udin kaluar ti dapur geus nyiapkeun jengnginum jeung si Dani baturanna
Udin    : Yeuh nginum heula, ieu abdi nu nyien khusus jeung Dani
Dani    : Nuhun nya, Dani henteu ngenah ngarepotkeun udin.
Tiba-tiba Tina nyadar aya nu aneh tis i Udin
Tina     : Udin suku maneh kunaon ko sabelah katuhu potong
Udin    : Oh, abdi katabrak mobil di jalan raya pas nyebrang
Tina     : oh, tapi ko Tina henteu nyaho nanaon lamun Udin geus lkacelakaan kadieu abdi nyekel sukuna sakedap
Udin    : Ulah-ulah suku abdi masih nyeuri
Tiba-tiba Tina nyekel suku Udin
Tina     : Sakedap, aya anu aneh lamun suku Udin potong ko aya benjolan di buri sukuna
Dani    : Mana abdi henteu ngadeuleu
Tina     : Ieu, kadieu geh coba cekel
Udin    : Aduh gawat yeuh kabohongan abdi geus kabongkar, abdi kabur bae lah ke abdi sieun di bawa ka kantor polisi abdi kan sieun.
Dani hayang nyekel suku udin, tapi tiba-tiba Udin kabur
Dani    : Udin ulah kabur, Udin kudu tanggung jawab
Udin    : Embung Udin embung di bawa ka kantor polisi
Tiba-tiba mobil kenceng ti belah kanan Udin henteu gadeuleu kanan-kiri
Tina     : Awas Udin aya mobil kenceng…. Awas ….
Udin    : Mana,,,, ah,.,, ah,,,, ah,,,, (brakkk)
Akhirna Udin katabrak mobil, Udin di bawa ka rumah sakit akhirna suku Udin teh  bencana potong
Udin    : Tina ku dimana kok aya alat suntik
Tina     : Ieu aya di rumah sakit, Udin tadi kacelakaan
Udin    : Abdi hoyong balik
Udin Gegeraan hudang ti tempat he’es
Udin    : Ku ko suku abdi nu kanan henteu bisa di gerakeun, ieu kunaon
Tina     : Udin nu sabenerna, suku Udin teh  potong gara-gara mobil nu nabarak Udin ngagiling suku Udin nu kanan
Ti dinya Udin cuuman bisa ceurik manehna nyadar lamun kabohongan teh  bisa nyelakakeun diri urang sorangan akhirna Udin kaduhung pandeuri.
Saenggeus ka jadian eta ema Udin datang ti bandung,
Udin    : Aduh abdi kesel di imah hayang lelempangan
Teu kebel Tina datang
Tina     : Udin. Udin. Udin
Udin    : Naon tina, ngagerokeun abdi
Tina     : Eta udin… ema Udin datang ti bandung
Udin    : Mana ema Udin tina, hayu urang ka imah maneh
Tina     : Hayu atuh
Geus kitu Udin langsung ka imah tina, sabari lempangna teh  dicekelan ku tina, naha da Udin teh  pake tongkat lempangna teu kebel Udin datang ti imah Tina
Udin                : Ma… Ema
Ema Udin        : Udin
Udin                : Ema kumaha damang di bandung
Ema Udin        : Alhamdulillah din damang
Eaman teh  heran kana si Udin kunaon eta teh  sukuna, naha di bengket make perban sampe akhirna emana teh  nanya kana si Udin
Ema Udin        : Udin eta suku maneh teh  kunaon ?
Udin                : Ieu suku abdi teh  potong ma.
Ema Udin        : Astaghfirulllahaladzim udin, naha eta kunaon bisa potong kitu
Udin                : Abdi teh  keur ieu pernah hoyong gawe, sampe akhirna abdi jadi pengemis di jalan raya abdi teh  kahoyong jadi budak anu kaya raya sampe akhirna abdi teh  pura-pura potong suku abdi teh  jeung Alhamdulillah lumayan mennag penghasilanna geus kitu abdi teh  kanyahoan lamun suku abdi teh  cuman pura-pura potong ku si tina, tidinya abdi lumpat da sieun asup ka kkantor polisi, akhirna abdi teh  katabrak mobil.
Ema Udin        : Naha maneh teh  nanaonan sok pura-pura lamun suku maneh teh  potong
Udun               : Atuh abdi teh  kahoyong jadi budak anu kaya raya ma
Tina                 : Heh Udin lamun maneh hayang jadi budak kaya raya maneh teh  kudu gawe nu bener nu halal.
Ema Udin        : Dengekeun tah Udin
Udin                : Nya atuh ke Udin bakalan menang gawe nu bener jeung penghasilan nu halal
Didinya Udin cuman bisa cicing, manehna nyadar lamun kabohongan teh  bisa nyilakakeun diri urang sorangan, akhirna Udin teh  kaduhung pandeuri.




TUGAS BAHASA SUNDA

CARPON

Tema
Pengemis Nu Kaduhung Pandeuri



Description: E:\FOTO\LOGO\HGFH.jpg
 












Di Karang Ku
TITI ALAWIYAH

Kelas
IX G







SMP N 1 KADUHEJO PANDEGLANG
2016/2017