KA BATES KU EKONOMI
Udin sok telat ka kelas pa Encep nanya
“ari Udin kunaon sok telat asup ka kelas ulin heula tah?” Udin cicing teh teu
ngajawab, Pak Encep nanya deui “kunaon din?” Udin ngajawab. “Udin ngabantuan
heula Ema Pak nyieun uduk jeung jeung di jual!” jam baraha emnag biasa
ngabantuan?” cek Pak Encep “Udin biasa ngabantuan Ema jam 4 sampe jam 6, encan Udin
nyiapkeun jeung jualan mun Ema ngalakukeun nana sorangan karunya Pak kena
kacapean laju gearing laju teu bisa jualan, ngan eta sumber penghasilan Udin jeung
Ema pak, kan Ema geh geus kolot teu tega Udin mun ninggal keun Ema jeung
nungurus jualan sosorangan bae!” heeh atuh gera calik ngan mun Udin kieu jeung
kieu bae baPak moal mere ampun deui ka udin” ceuk Pak Encep “muhun pak” ceuk
udin.
Mun istirahat Udin jualan kiripik
ka babaturanna Udin teu gengsi atawa isin Udin kadang teu ngurusan beuteung
sorangan, Pak Encep sok neuleu Udin ti jauh Pak Encep kadang karunya ka si Udin
lantaran Udin nu pinter ngan kabates ku factor ekonomi” din coba nempo jualanna
iyeu baPak beuli kabeh terus kembalianna jeung Udin jeung jajan nya” Udin ngajawab
“nuhun pak” kadang Udin sabari balik sabari mulungan sampah nu bisa di kilo,
“kadang Udin di olok ku babaturanna “din yeuh sampah urut aing!” pas Udin nyokotna
di sePak sampahna jero hate Udin sok sedih lantaran kunaon Udin bisa susah
Semenjak eta Udin giat belajar,
kerja keras/ sakolana ngan Udin teu boga acis dek ngalanjutkeun na Udin teu
ngalanjutkeun sakola na Udin jualan ngabantuan emana setiap poe Udin jualan
isuk Udin jualan uduk biasana Udin ngelilingan kampong supaya udukna beak,
beurang Udin jualan es lilin ka sakola-sakola kadang Udin ka madrasah kadang Udin
mun teu jualan uduk isuk-isuk Udin jualan es lilin kasakola-sakola sd atawa
smp/ Udin sok iri hayang ngalanjutkeun keur SD Udin sk ditanya “din kunaon teu
sakola” ceuk babaturanna, Udin cicing beh teu ngajawab.
Hiji poe Udin dagang es di pinggir
jalan raya laju aya nu meli bapak-baPak mawa mobil “dek iyeu eh hiji baraha?”
ceuk bapk-baPak “500. Pak hijina” ceuk Udin “baPak peser kabeh!” ceuk bapak-baPak
“iyeu anu aya aya 50 jadi 25.000 yeu pak” ceuk Udin
“iyeu ba Pak bere Udin 100.000
kembalianna jang Udin bae jeung jajan” cek bapak-baPak “nuhun Pak atur nuhun”
ceuk Udin “oh nya kennal keun baPak iyeu baPak Yusuf Udin kunaon teu sakola”
ceuk Pak Yusuf “Udin ntos teu di lanjutkeun pak!” ceuk Udin “ari kunaon atuh
“ceuk Pak Yusuf “teu boga acis Pak Udin ndek ngalanjutkeun nana” ceuk Udin “Udin
ndek sakola teu?” ceuk Pak Yusuf “atuh Udin daek bae pak!” ceuk Udin “Udin baPak
sakola keun mulai minggu hareup, baPak hayang nyaho imah uidn palih mana?” ceuk
Pak Yusuf “baPak ndek, nu bener Pak ceuk udin?” bener atuh din (ceuk Pak yusuf)
mampir ka imah uidn hayu atuh Udin anter ka imah udin” ceuk udin,
Sapanjang jalan Udin
di deuleukeun bae ku batur Udin heran kunaon batur nempoan Udin bae, sabari
lempang aya hiji jelEma salaman kana Pak yusuf, ceuk manehna “hiji kahormatan
bisa katimu bapak” ceuk Pak Yusuf “sami-sami,
Baturan Udin nanya
ka si Udin “din dia nyaho eta saha?” ceuk baturanna Udin cicing beh “atuh iyeu
mah Pak Yusuf nu ngaborong es aing emang kunaon?” cek Udin “eta nu boga pabrik
sandal terbesar di jawa barat din terkenal di TV tea!” ceuk baturanna “oh, kitu
da meren atuh da aing mah teu boga TV” ceuk Udin geus sampe di imah Udin Pak
Yusuf ngobrol jeung emana udin” ibu jeung Udin tos lami tinggal di dieu?” ceuk Pak
Yusuf “muhun pak, di tampi Pak emuhna” ceuk uidn “ari baPak na Udin damel di
mana?” ceuk Pak Yusuf
“Bapak Udin tos
maot 3 tahun nu heula Udin anak sabatang kara kadang Ema sedih mun misalna Ema maot
Udin ka saha Ema titipkeun komo kuari umur Ema 72 tahun jeung kadang Ema sedih Udin
nu waktuna belajar malah dagang ngabantuan kebutuhan Ema setiap bulanna kudu
meli obat ka dokter semenjak Ema gearing Ema teu bisa jualan ngan Udin doang nu
bisa Ema andelkeun” ceuk Ema Udin “ntos kuari Ema tenang bae Udin ndek di
sakola keun ku abdi mulai minggu hareup laju kabeh biaya obat Ema geus teuing
ku abdi bae di urusan jeung ke imah Ema ku abbdi renovasi” ceuk Pak Yusuf “Alhamdulillahirobbil
alamin bener iyeu pak” ceuk ma Udin “bener atuh ma” ceuk Pak yusuf.
3 tahun nu langkung Ema Udin maot Udin
sedih jasa kaleungitan kabeh jalmi nu di sayang na, Udin tinggal jeung Pak yusuf,
Udin tos lulus kajuruan tingggi Udin di bayaraan ku Pak Yusuf Udin ges nggap Pak
Yusuf bapakna sorangan Pak Yusuf teu boga istri jeung teu boga anak akhirna
kabeh warisan nu di boga Pak Yusuf di bere ka udin, Udin akhirna jadi jutawan
sukses. Udin teu poho kana kabeh nu geus ngabantuan manehna mun keur susah, Udin
geh sok nyumbang atawa ngazakat setiap bulanna ka anak yatim Udin geh sok mere
jalmi-jalmi nu teu mampu,
Udin akhirna nikah jeung nu ngaran
nisa Udin boga anak hiji ngarana Muhammad faizar rizki umurna karek 2 tahun Udin
caritakeun ka istrina awal mula Udin nu hirup susah, Udin tinggal jeung Ema jeung
bapakna, baPak Udin gawe jadi tukang nu sok ngabersihan kebon batur ari ma Udin
gawena jadi pembantu di imah tetanggana ngan mun isuk-isuk saacan ma Udin gawe
jadi pembantu ma Udin nyien uduk heula jeung jualan Udin sok ngabantuan Ema ngke
mun geus asak udukna karak Ema berangkat gawe Udin nu ngjualan udukna lumayan
bae jeung nga bantu ekonomi keluarga,
Udin baheula keur SD anak pinter
rajin Udin sok kerja keras Udin baheula boga guru nu bageur ngarana Pak encep. Pak
Encep sok mere acis ka Udin Pak Encep geh sok ngaborong jualana abdi, baheula
abdi geh sok mulung sampah. Geus lulus sd abdi teu ngalanjutkeun sakola salama
satahun laju ma abdi gearing sampe akhirna abdi jualan sagala macam jeung
jualan nu bisa di jual jeung akhirna abdi katimu jeung Pak Yusuf keur eta abdi
ekeur jualan es di pinggir jalan laju Pak Yusuf datang mawa mobil Pak Yusuf nanya
“ari Udin kunaon teu sakola?” teu boga acis Pak ndek ngalanjutkeun nana!’
semenjak eta abdi di sakolakeun ku Pak Yusuf teu kebel eta Ema maot abdi sedih
jasa nempona.
Abdi tinggal jeung Pak Yusuf di
imah gedong ngan abdi teu bisa ngalupakeun jasa jeulEma nu biasa nolong
sapertos tatangga-tatangga abdi jeung akhirna kabeh warisan Pak Yusuf di bere
ka abdi sammpe ka pabrik terbesar di jawa barat jeung abdi pas keur umur 19
tahun abdi entos di sebut jutawan muda. Kitu jalan hirup abdi. Nu pasti ulah
sok males-malesan rajin belajar jeung kerja keras.
TUGAS BAHASA SUNDA
Di Susun Kangge Ngalaksanakeun Tugas Mata Pelajaran Bahasa
Sunda
CARPON
Judul :
KA BATES KU EKONOMI
![]() |
Di susun ku :
M. REZA A
Kelas
XI B
SMP NEGERI 1 KADUHEJO PANDEGLANG
2016/2017
0 komentar:
Posting Komentar