Hand Phone

Jumat, 09 September 2016

CARPON SUNDA SALAH LENGKAH



Tema   : Ngajailan Babaturan Jadi Patal Akibatna
Judul   : Salah Sangka

Uih sakola the, Sisi ceurik gegerungan, Sisi uih sakola langsung meluk ibuna, Sisi ceurik ka ibuna, terus, ibuna Sisi nanya ka Sisi, “Sisi, Sisiku naon budak, kusaha di kumaha? Carita ka Ibu nak, aya naon?” Sisi teu ngajawab, Sisi terus bae ceurik ka indung na, teu lila Sisi indit ka kamar na, saentos ganti baju sakola, Sisi tuang di meja makan, entos seep tuangna, Sisi ngalawudhu arek sholat, saentos sholat, Sisi ngado’a ka gusti alllah SWT. “ya Allah …. Ya Gusti,,,, hampura dosa abdi, ku nnaon ya allah bdi teh di pasihan cobaan anu berat, kunaon ya allah abdi teh di pasihan cobaan anu berat, kunaon ya Allah abdi teh di tuoluh ku bbbaturan abdi nyandak artos baturan abbdi, padahal abdi teh teu nyandak ya allah, semoga ya Allah baturan abdi teh di pasihan hidayah, semoga abdi teh di pasihan jalan ya allah, amin ya allah ya robbal alamin” ceuk Sisi tina do’ana.
Saenggeus sholat Sisi teh mantuan ibuna nyieun kue, sebab ibuna Sisi teh tukang jualan kue keliling saenggeus mantuan Ibu na nyieun kue, Sisi indit ka tukang rompokna, “ya Allah… kumaha carana abdi teh ngagantian artos baturan abdi, padahal teh abdi teu nyandak” ceuk Sisi ngomong ka dirina sorangan. Teu sengaja ibuna Sisi teh ngadenge omonganna sisi, ibuna Sisi teh nyamperkeun Sisi “Si, Sisi kunaon? Tadi Ibu ngadenge Sisi ngomong artos baturan, maksud Sisi teh Sisi nyandak artos baturan sisi, caritas ok ka Ibu ku naon ? sugan Ibu teh bisa ngabantu sisi, “ceuk Ibu na Sisi “ibu, Sisi teh demi allah teu nyandak artos babatuuran sis, Ibu percaya kan ka sisi, Sisi teh Cuma di uduh ibu” ceuk Sisi ka ibuna “si,,,, Ibu mah percaya ka sisi, pan Sisi mah budak bageur, sok cerita ka Ibu nak nya naon?” Tanya Ibu ka sisi.
“Caritana kieu bu, Sisi teh indit ka kamar mandi, entos bebberesih di kelas, Sisi asup ka kelas, pas Sisi arek calik, bangku Sisi teh di pasihan permen karet ku babaturan Sisi si ahmad, Sisi teh di sengseurikeun ku baturan Sisi ibu, Sisi era. Terus Sisi indit ka kamar mmanndi, pas di kamar mandi, Sisi teh di koncian ku si ahmad, untung nageh aya pak satpam nu mukakeun koncina, lamun teu aya pak satpam Sisi meureun aya di sakolaan keneh Ibu terus Sisi di tuduh ku barudak, lantaran Sisi nyandak artos baturan Sisi si novi, terus Sisi nga jawab, keur iraha Sisi nyandak artosna, panan Sisi ti tatadi di koncian di kamar madi ku mararaneh, naha maraneh nuduh ka sisi, si Novi ngajawab, buktina artos Novi aya di tasna sisi, Sisi di surung-surungkeun ku barudak, terus Sisi di sebut tukang mmaling, kitu Ibu caritana the” ceuk Sisi ngajelaskeun panjang lebar ka ibuna.
Ibuna ngajawab “si… Sisi nu sabarnya Ibu mah yakin Sisi teh lain budak deugeul, emangna sabaraha artos nateh sisi, sugan Ibu teh bisa ngagantian” Sisi nembalan “ibu… lamun Ibu nggantian artosna, berarti Sisi anu nyandak, ulah bu, ulah. Ibu tenang waenya, Sisi nbakalan neangan saha malingna, bu, kabeneran teh pasti bakalan ka ungkap” terus Ibu na Sisi mere nasehat ka Sisi “si… di do’akeun ku ibunya geulis, sing gera kanyahoan saha malingna the, tapi Sisi ulah salah jelema, engkena ngabuktikeun ka bararudak apalagi ka si novi, lamun Sisi teh lain nu nyandak artosna” ceuk Sisi yakin.
Ka jagisukna Sisi sakola, sabari mawa kue dagangan, pas di jalan, Sisi katimu pak satpam anu kamari nulungan Sisi keur ka konci di kamar manndi, Sisi nyamperkeun pak satpam eta, pak satpam eta teh namina pan andi “punten pak” ceuk Sisi sopan, “mangga neng, aya naonnya neng, bapak teh moal meser kue” ceuk pak satpam ka sisi, “oh sanes kitu pak, puntennya pak name abdi teh sisi, anu kamari di konci di kamar mandi tea, anu ku bapak di tulungan,” ceuk Sisi mere nyaho ka pak satpam eta “oh neng sisi, enya bapak karek inget, peryogi naon nya neng?” Tanya pak satpam ka sisi.
“Sisi rek nanya ka bapak, bapak nyaho saha anu terakhir uih sakola, keur Sisi di kamar mandi, tas Sisi teh di tinggalkeun ku Sisi di kelas, bapak terang” Tanya Sisi ka pak satpam, “ke heula, bapak inget-inget heula. Nu terakhir uih teh budak na teh jangkung, putih siga bule, sareng pake tas na warna abu-abu. Tapi, bapak teh teu terang namina, manehna the, asup ka kelas sabari mawa amplop, terus di asupkeun kana tas anu ka siga eneng Sisi pake, emnagna kunaon neng? Aya nu ka lengitan neng” ceuk pak satpam nginget-nginget. “bapak yakin jalmina na teh eta, anu ku bapak di sebbutkeun cirri-cirina” Sisi nanya deuio ka pak satpam eta, “enya nneng sa inget bapak mah” jawab si satpam eta, terus Sisi ngajawab “oh,,,,, nuhun nya pak, nuhun pisan” ceuk Sisi nuhun ka pak satpam, pak satpam ngajawab “sami-sami neng, puntennya bapak ti heula” “enya pak, mangga, nuhun nya pak sakali deui” jawab Sisi  “ieu teu salah deui, ieu pasti si ahmad, awas sia ahmda “ceuk Sisi na jero hatena.
Sasampe di sakola, Sisi langsung asup ka kelas, Sisi langsung neangan si Ahmad, tapi si Ahmad teh teu aya-aya, merenan acan datang, salila nungguan si Ahmad datang, Sisi sabari juualan kue, Alhamdulillah dagangan Sisi seep, tapi Ahmad teu acan datang wae, terus Sisi nanya ka babaturan si Ahmad nyaeta si ajis “punten jis, ningali Ahmad entos datang ka sakola encan “terus ajis ngajawab”dukanya, ajis oge ti isuk teu ningali si ahmad. Biasa nageh si Ahmad datangna tampil” jawab ajis. Teu kebel bel asup sakola nyuara, sakabeh murid arasup ka kelasna masing-masing.
Sauihna sakola, Sisi sareng ibuna nolong si Ahmad ka rumah sakit sabab aya nu ngomong lamun si Ahmad teh di rawat di rumah sakit, jadi Sisi teh sareng ibuna noong sabari bawa buah-buahan, sasampe di rumah sakit , Sisi sareng ibuna langsung asup ka kamar si Ahmad “assalamualaikum” ceuk Sisi sareng ibuna, “wa alaikum salam” jawab bapak sarerng ibuna si ahmad, “kumaha kabarna ahmad, damang?” Tanya Sisi ka Ahmad “Alhamdulillah si, rada mendingan” tembal Ahmad “Ahmad yeuh Sisi sareng Ibu mawakeun buah-buahan di emam nya pang gera cageur “ceuk sisi, “nuhunnya sisi, si, Ahmad menta hampuranya, sabab keur poe itu, Ahmad entos ngajailan sisi” ceuk Ahmad menta hampura ka sisi” ceuk Ahmad menta hampura ka sisi, “enya ahmad, Sisi oge entos maafkeun ahmad, Sisi ge entos poho kana kajadian eta” tembal sisi.
“Si … Ahmad rek ngomong ka sisi” ceuk Ahmad ka sisi, “ngomong naon sih ahmad, sok gera ngomong ku Sisi di dengekeun” tembal sisi, “tapi Sisi janji ssi moal mabok ka ahmad” ceuk Ahmad “mabok, emangna Ahmad rek ngomong naon?” kok pake ulah mabok sagala” jawab sisi, “si…. Soal artosna novi, sabenerna anu nyandak teh Ahmad lain sisi, lantaran Sisi ieu maju kahareup ngajawab soal di papan tulis, padahal kan Ahmad siheula nu ngacungkeun panangan, ku sabab Ahmad nyeri hate ku sisi, jadi Ahmad nyandak artos novi, terus ku Ahmad di asupkeun kana tas sisi” ceuk Ahmad carita panjang lebar, Sisi ngajawab “ahmad, kunaon Ahmad kitu kana sisi, padahal lamun Ahmad ngomong ka sisi, Sisi oge mundur engke, jadipan teu salah sangka kos kieu, pan nama Sisi geh jadi goreng, lain eta wae persahabatan Sisi sareng Novi oge ancur, kulantaran Novi endung gaduh babaturan tukang maling kos sisi”
Sisi teu ngajawab, Sisi kaluar ti kamar anu di mana si Ahmad dirawat, Sisi ceurik, ninggalkeun ibuna sorangan, Sisi uih sorangan, Sisi naek angkot, pas di tengah jalan, mobil angkot anu di taekan ku Sisi teh tabrakan sareng mobil pribadi, terus Sisi langsung di bawa karumah sakit ku warga anu nulungan sisi, terus wargi nu nulungan teh nelepon ka ibuna Sisi “Kring…. Kring…. Kring… suara hape ibuna sisi, terus ibuna Sisi ngangkat teleponna “assalamualaikum… punten ieu sareng saha?” terus warga ngajawab “wa alaikum salam bu, bener teu nya ieu sareng Ibu tuti, ibuna sisi” “enya, abdi sareng Ibu tuti, ibuna sisi, emangna aya naon ieu teh” Tanya ibuna Sisi ka warga eta, “ieu bu, anak Ibu teh kacalakaan keur naek angkot, tapi kuari anak Ibu entos di bawa ka rumah sakit ku abdi sareng warga nu lain” ceuk warga eta “terus kiwari anak abdi di rumah sakit mana?” Tanya Ibu Sisi deui “di rumah sakit harapan bunda” jawab warga eta “enya nuhun nya pak” terus warga eta nga jawab “sami-sami bu”
Sasampe di rumah sakit, Ibu Sisi teh langsung ka ruang UGD lantaran Sisi di ruang UGD, Ibu Sisi teh nanya ka warga nu nulungan Sisi “pak… emangna anak abdi teh kunaon pak? Kok bisa ka UGD”Tanya ibuna Sisi sabari ceurik “caritana teh kieu bu, angkot nu di taekan ku anak Ibu remna teh blong, terus nabrak mobil pribadi, anak Ibu teh ngancleng ka Sisi jalan” ceuk warga carita, teu lila carita, dokter kaluar ti UGD “dok… kumaha dok anak ibu, bisa dicageurkeun kana dokter” ceuk ibuna sisi, terus dokter ngajawab “punten bu, anak Ibu teh teu bisa di salametkeun, lantaran hulu na teh loba teung ngaluarkeun getih, ibuna sabarnya punten bu” jawab dokter eta terus ka kantorna.
“Innalillahi wainnailaihi rojiun…. Sisi,,, Sisi….” Ceuk ibuna Sisi sabari ceurik ‘Sisi Si hudang Si…. Sisi ulah tinggalen Ibu sorangan Si… Si… Sisi!!!”
Saentos di kuburkeun, Ahmad teh nyamperkeun ibuna sisi, “Ibu …. Punten ngaganggu, Ahmad rek ngomong ka ibu… soal sisi, Sisi kacelakaan teh sabab Ahmad tarima bu, Ahmad ngaku Ahmad salah bu “ceuk Ahmad ngaku lamun manehna teh salah, terus ibuna Sisi ngajawab “henteu ahmad, Ibu teu mabok ka Ahmad kapan Ahmad entos ngaku lamun Ahmad salah, entos kuari Ahmad indit karompokna Novi caritakeun ku ahmad, lamun Ahmad nu nyandak artos Novi lain sisi” jawab Ibu Sisi
Ahmad langsung indit ka rompokna novi, terus Ahmad langsung carita ka novi, lamun Ahmad nu nyandak artosna lain sisi, “novi, Ahmad rek ngaku ku novi, lamun Ahmad nu nyandak artos novi, lain sisi” ceuk Ahmad ngaku, terus Novi ngajawab “bohong moal mungkinkan Ahmad nu nyandak, pasti si sisikan, Ahmad mah Cuma ngabela Sisi doangkan” jawab Novi “Ahmad teu bohong novi, kuari sahabat leutik Novi teh entos teu aya, Sisi teh entos maot novi, sabab Sisi teh kacelakaan” ceuk Ahmad mere nyaho ka Novi “hah…. Sisi entos maot, sisi… sisi…” jawab Novi kaget sabari ceurik.
“Ahmad, anterkeun Novi kakuburanna sisi” menta nNovi ka ahmad, “hayu… Ahmad anter” ceuk si ahmad, pas sampe di kuburan smisi, Novi langsung ceurik, Novi langsung nagkep kuburan sisi, “si,,, si,,,, ieu Novi si, si, Novi menta hampura ka sisi, lantaran Novi salah sangka ka sisi, si hudang si….. sisi, di do’akeun ku novi, supaya amal ibadah Sisi di tarima ku gisti allah, di hapuskeun sagala dosa-dosana, di lapangkeun kuburanna, di ca’angkeun kuburanna, amin ya allah ya robbal alamin” terus Ahmad ngajak Novi ka rompok sisi, “nov… entos yu, ulah di ceurikan wae sisina, pang sisina tenang, di do’akeun wae ku Novi nya, mendingan urang kiwari ka rompok na sisi” nov ngajawab “enya ahmad, Ahmad bener Novi ulah nyerikean sisi, yu, urang karompok sisi”
Sasampe di rompok sisi, Novi sareng Ahmad langsung nangkeup ibuna Sisi “ibu…. Hampura novinya bu, ku sabab Novi salah sangka ka sisi, jadi kos kieu, hampura novinya bu,” ceuk Novi sabari ceurik menta hampura ka ibuna sisi, ibuna Sisi ngajawab “enya novi, entos di hampurakeun ku ibu, tapi ulah di ulangi deui nya geulis, ulah salah sangka deui, bisa jadi patl akibatna, cukup Sisi bae nu jadi korban, ulah kitu deui nya” Novi ngajawab “enya bu, Novi janji Novi moal kos kitu deui” geus kitu ahmad, Novi sareng ibuna Sisi tatangkepan.


“Selesai”












TUGAS BAHASA SUNDA

CARPON

JUDUL
“Salah Sangka”



Description: C:\Users\Chuky\Downloads\tut-wuri-handayani.jpg~c200.jpg
 







Pengarang :
MEISYA SAFA ANANDA
Kelas :
IX G



SMP NEGERI 1 KADUHEJO PANDEGLANG
TAHUN AJARAN 2016/2017
Wacana Basa Sunda


Ekstrakurikuler
Ekstrakurikuler nyaeta kagiatan anu dilakukeun ku siswa sakola atawa universitas di luar jam belajar standarna kurikulum. Kagiatan-kagiatan iyeu aya di tiap jenjang pendidikan ti sakola dasar sampe universitas. Kagiatan ekstrakurikuler ditujukeun supaya siswa kersa ngembangkeun kapribadian, bakat, sareng kamampuan di unggal bidang diluar bidang akademik.
Kagiatan iyeu diayakeun secara swadaya ti pihak sakola oge siswa siswi nyalira kanggo ngarintis kagiatan di luar jam pelajaran sakola.
Kagiatan ti ekstrakurikuler nyalira kersa bentukna seni, olahraga, pengembangan kapribadian, sareng kagiatan lain nu gaduh tujuan positif kanggo kamajuan siswa sareng siswi nyalira.
Dina waktos ayeuna kagiatan ekstrakurikuler dikenal nyaeta kagiatan tambahan pelajaran anu sesuai sareng pelajaran anu dihoyong sareng katulis dina daftar kagiatan ekstrakurikuler. Kagiatan ekstrakurikuler biasana disayagikeun dugi sonten dimana siswa sareung siswi parantos teu aya pelajaran wajib deui di kelas, teras kagiatan ieyu dimulai parantos uih sakola. Manfaat tina kagiatan ekstrakurikuler kersa dikaitkeun sareung kanggo nambah nilai anu kurang dina mata pelajaran nu dicandak, kanggo ngembangkeun bakat siswa sareung siswi, sareng oge janten sarana pangulinan nu dikadeudeuh ku siswa sareung siswi atawa janten sarana pangulinan sinareng belajar.
Kagiatan ekstrakurikuler salami iyeu ditujukeun ka murid-murid nu sakola di sakolaanna. Dina kayaan kagiatan iyeu, kagiatan belajar ngajar oge kanging makin lancar sareng supaya nambah wawasan anu leuwih dibandingkeun dikelas. Kagiatan ekstrakurikuler diwajibkeun ka siswa siwi sadayana disakolaan eta.
Manfaat, fungsi, sareng tujuan diayakeunna kagiatan ekstrakurikuler disakola sareung di kampus nyaeta kanggo wadah nyalurkeun hobi, minat sareng bakat kanggo siswa atawa mahasiswa anu positif kanggo ngasah kamampuan, dara kreativitas, jiwa sportifitas, ningkatkeun rasa percaya diri, sareng anu sanesna.
Dihandap iyeu contoh nama-nama ekstrakurikuler anu umumna aya di institusi pendidikan formal, nyaeta:
A. Ekstrakurikuler / Ekskul Olahraga :
– Sepak Bola
– Bola Basket
– Bola Voli
– Futsal
– Tenis Meja
– Bulutangkis
– Renang
– Billyard
– Bridge
– Fitnes
B. Ekstrakurikuler / Ekskul Seni Beladiri :
– Karate
– Silat
– Tae Kwon Do
– Gulat
– Tarung Drajat
– Kempo
– Wushu
– Capoeira
– Tinju
– Merpati Putih
C. Ekstrakurikuler / Ekskul Seni Musik
– Band
– Paduan Suara
– Orkestra
– Drumband / Marchingband
– Akapela
– Angklung
– Nasyid
– Qosidah
– Karawitan
D. Ekstrakurikuler / Ekskul Seni Tari Dan Peran
– Cheerleader
– Modern Dance / Tari Modern
– Tarian Tradisional
– Teater

Related Posts:

0 komentar:

Posting Komentar